Merisa Cindy Sahputri

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Merisa Cindy Sahputri (Sragen, Jawa Tengah 29 Mei 1996) mangrupakeun atlet bulu tangkis Indonesia anu asup katégori ganda putri. Merisa gabung ti klub Suryanaga Mutiara Timur Surabaya, Jawa Timur.[1] Di taun 2019 Merisa kudu gedé haté lantara kudu dégradasi ti Pelatihan Nasional PBSI. Ieu hal dilantarankeun aya sababaraha kuota atlét anu kudu dipangkas, lantaran Pelatihan Nasional keur fokus pikeun Olimpiade 2020 di Tokyo.[2]

Préstasi[édit | édit sumber]

Merisa pernah jadi juara BWF International Polish Open di taun 2017. Lian ti éta pernah jadi jawara kadua di kompetisi USM Indonesia International 2016 jeung di kompetisi Vietnam International 2014.[1]

Référénsi[édit | édit sumber]

  1. a b "Profil Meirisa Cindy Sahputri". tirto.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2024-05-05. 
  2. INDOSPORT.com. "Degradasi dari Pelatnas PBSI, Apa Kabar Merisa Cindy Sahputri Sekarang?". INDOSPORT.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2024-05-05.