Careuh galing

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Careuh galing
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Génus:
Paguma

Gray, 1831
Spésiés:
P. larvata
Ngaran binomial
Paguma larvata

Careuh galing; Larvata Paguma; Musang Sawit Bertopéng, nyaéta hiji genus sato anu kagolongkeun kana careuh.[1] Kapanggih hirup di Népal, Kalimantan jeung Singapura.[1] Diseut Larvata atanapi Masked, alatan ayana corétan bodas handap tarang jeung irungna.[1] Sarta buleudan bodas sabudeureun panon, kukituna ieu careuh katempo kawas maké teregos atawa topeng. Di Cina ieu careuh disebutna Yu-min-mao, Éta mangrupikeun careuh anu tanginas tétérékélan kana tangkal.[1] Spésiés séjénna nyaéta PAGUMA BODAS jeung PAGUMA WOOLLY.

Taksonomi[édit | édit sumber]

Taksonomi Spésiésna ngan dina genus kalawan mibanda 13 subspésiés digambarkeun, salah sahijina (P. L. leucocephala) anu aya di Kalimantan (Corbet & Hill 1992).[2]

Kapanggih hirup di Pakistan Kalér jeung Kashmir nepi ka Indocina jeung Semenanjung Malaya, aya ogé di Cina kidul jeung wétan, Kapuloan Andaman, Taiwan, Hainan, Sumatra katut Kalimantan.[2]

Status populasi jeung kapadetan di Bornéo. (1985) Ngalaporkeun yén ieu spésiés lolobana aya di Kalimantan kalér, kalawan anu kacatet di pangkidulna ti G. Liang Kubung di Kalimantan Kulon jeung hulu Walungan Mahakan di Kalimantan Wétan.

Kitu deui hiji spésimén ti Walungan Barito (van Strien 2001), yén Kalimantan kidul mangrupa bagian tina amparan (rentang:. Ogé catetan ti kidul Walungan Mahakan (G. Frederiksson di litt mun Meijaard), sarta Mahakam Lakes (Gönner 1997); meureun ogé di sakuliah Kalimantan Kulon (Blundell 1996; Jeanes & Meijaard 2000; Simons 1987).[2]

Habitat[édit | édit sumber]

Habitatna diwewengkon dataran handap jeung leuweung gunung handap, boh dina tempat primér jeung sekundér (Azlan 2003; Yasuma & Andau 2000); sakapeung asup ka pikebonan pikeun nyiar dahareun (Yasuma & Andau 2000).[2]

Kahirupan Sapopoé[édit | édit sumber]

Careuh galing kagolongkeun kana sato nokturnal; mimiti bijil ti sayang panyuputan antara tabuh 19.30 jeung 22.30 (Rabinowitz 1991), sayangna dina palebah pasir tapi mun seug teuaya bisa wae nyayang (istirahat) dina taneuh, di wewengkon kalawan 80-90% katutupan taneuh (Rabinowitz 1991).

Mikaresep kana tempat anu deukeut ka susukan, sayangna nyieun sorangan tacan kungsi kapanggih ngeusian sayang urut sato séjén.[2]

Ingkah ti sayangna/imah rata-rata = 0,93 km² (Rabinowitz 1991); anu bikangna malah nepika leuwih 3,7 km² (Rabinowitz 1991); variabelna gumantung kana kasampak henteuna dahareun (Joshi et al. 1995; Rabinowitz 1991).

Sacara umum, jauhna lunta ti sayang, gumantung kana kanaékan linier beurat jeung ukuran individu (Rabinowitz 1991); sanajan rentang imah sakabéh némbongkeun tumpang tindihna “considerable”, jarak ti sayang dina waktu bulanan leuwih diwatesan sarta henteu tumpang tindih (Rabinowitz 1991); bukti némbongkeun yén careuh galing bisa jadi concentrating gerakan maranéhanana sabudeureun wewengkon tempat nyiar dahareun (Rabinowitz 1991); gerakan dina poean 620 m (Rabinowitz 1991); rata-rata radius kagiatan bulanan 484 m (Rabinowitz 1991).[2]

Kadaharan[édit | édit sumber]

Ékologi Matéri kadaharanna sato ieu diwangun ku 60-90% tina diet (Heydon & Bullo 1996), lolobana rodénsia kalayan bukti gegeremet, inséktivora, oray, kadal, manuk jeung jukut. Ogé ngakan buah. Transek pikeun spésiés tangkal fruiting nunjukkeun yén spésiés tangkal fou kapanggih paling sering katempo dina tai luwak (60%) ngan 22% tina tangkal th kapanggih dina transek (Rabinowitz 1991).

Subspésiés[édit | édit sumber]

Spésiés séjén careuh galing; Masked Palem diantarana:

Paguma larvata grayi (Bennett, 1835)[édit | édit sumber]

  • India-Uttarakhand
  • Népal-Tengah, Wétan, jeung Nepal Kulon (di Himalaya)

Paguma larvata tytleri (Tytleri, 1864)[édit | édit sumber]

Paguma larvata wrroughtoni Schwarz, 1913[édit | édit sumber]

  • Éndemik ka Asia Kidul
  • India-Himachal Pradesh, Jammu sareng Kashmir, sareng Uttarakhand
  • Pakistan-Punjab

Paguma larvata neglecta Pocock, 1934[édit | édit sumber]

  • Bangladés-Sylhet
  • Butan-Bhutan Kulon
  • India-Assam, Arunachal Pradesh, Manipur, Meghalaya, Nagaland, Sikkim, Sareng Tripura
  • Népal-Tengah, Wétan, Pertengahan Kulon, jeung Nepal Kulon (di Himalaya) Ti Pakistan spésiés ieu ‘’’dilaporkeun’’’ ti deukeut Murree, Punjab kalér (Roberts 1997).[3]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d Craig, Hugh (1897). The Animal Kingdom: Based Upon the Writings of the Eminent Naturalists, Audubon, Wallace, Brehm, Wood and Others, Volume 1Craig. Perpustakaan Umum New York: Johnson & Bailey. p. 323. ISBN - Check |isbn= value (bantuan).  Disungsi6 Méi 2024
  2. a b c d e f Douglas Sheil, Robert Nasi, David Augeri, Barry Rosenbaum, Djoko Iskandar, Titiek Setyawati, Martjan Lammertink, Ike Rachmatika, Anna Wong, Tonny Soehartono, Scott Stanley, Timothy O’Brien, E. Meijaard (2025). Life After Logging: Reconciling Wildlife Conservation and Production Forestry in Indonesian BorneoDouglas Sheil, Robert Nasi, David Augeri, Barry Rosenbaum, Djoko Iskandar, Titiek Setyawati, Martjan Lammertink, Ike Rachmatika, Anna Wong, Tonny Soehartono, Scott Stanley, Timothy O’Brien. Indonésia: CIFOR. p. 260. ISBN 9789793361567.  Disungsi11 Juli 2023
  3. Srinivasulu, Bhargavi Srinivasulu, Chelmala (2012). South Asian Mammals: Their Diversity, Distribution, and StatusSrinivasulu, Bhargavi Srinivasulu. Indonésia: Springer Science & Business Media. p. 343. ISBN 9781461434498.  Disungsi5 Mei 2024