Caplak

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Sawah keur di caplak saméméh tandur (tina : COLLECTIE TROPENMUSEUM Het waterpas maken van de sawahterrassen TMnr 10010991)

Caplak nyaéta pakakas anu dipaké di sawah mangsa keur tandur pikeun ngaguratan leutak sawah[1] sangkan awahan/jarak melakeun binih paré leuwih rata luyu jeung katangtuan.[2] Sagigireun dipaké disawah, aya ogé caplak dipaké pikeun ngaguratan taneuh mangsana melak paré di huma, ukuran jeung wangun leuwih leutik tur seseg ti batan caplak sawah.[3][4][5]


Pedaran[édit | édit sumber]

Saméméh di caplak, sawah meunang macul/ngawuluku tuluy di garu heula atawa nganglér nyaéta ngalembutkeun guruntulan taneuh beunang macul/wuluku sangkan jadi léutak, rupa-rupa cara nganglér bisa maké papan, pipah, mesin (anya nu nyebut ogé ngaléktor/ngamesin). Saméméh dicaplak sawah kudu disaatan heula sapeuting sangkan leutakna henteu beyé teuing maksudna tapak guratan caplak bakal leuwih écés katémbong dina luhureun leutak ogé gampang nyecebkeun binih paré [6]

Mangpaat caplak[édit | édit sumber]

  1. Jajaran tangkal paré leuwih rapih.
  2. Gampang dina miara jeung ngarambét. Lalandak dipaké mangsana usum ngarambét[7]
  3. Cahaya panon poé henteu kahieuman.
  4. Hasil leuwih mundel [8]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Suriamiharja, Agus: "Geografi dialek Sunda, Kabupaten Bogor", kaca 27. Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, 1984
  2. awahan/jarak melakeun binih paré
  3. Caplag dipake ogé di huma
  4. Caplak Huma Archived 2016-05-03 di Wayback Machine
  5. Denny Djuhaeni, Dra. Rini Tanumulyana, Elly Sarimana S. Pd, Ine Novita S.Pd, Drs. (2001). Mustika Basa Sunda. Jakarta: Grasindo. p. 20. ISBN 9789796952557. Diakses tanggal (disungsi – 22 Mei 2020). 
  6. Samemeh dicaplak sawah kudu disaatan heula
  7. Ngarambét hartina meresihan jukut liar
  8. Mangpaat caplak, hususna caplak legowo

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

  1. Katangtuan dina ngolah sawah
  2. Nyieun caplak tina beusi
  3. Melak paré maké caplak roda
  4. Cara anyar caplak awahan legowo 2[tumbu nonaktif]
  5. Video keur nyaplak sawah